Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring

20 Februari, 2009

Kacapi Suling di London

Jumat, 20 Februari 2009 00:48 WIB
LONDON, JUMAT--Suara suling Sunda yang melantunkan lagu Es Lilin dan Tokecang terasa membawa suasana malam dingin di Universitas Holloway, London, seakan di bumi Parahyangan.
Royal Holloway University of London mengelar acara musik traditional dari Sunda, Jawa Barat, dengan penampilan Gamelan Dengun dan Salendro di?Windsor Building, Egham, Inggris, Rabu malam.
Pensosbud KBRI London, Herry Sudradjat mengatakan bahwa pagelaran degung Sunda yang dipimpin Simon Cook, dosen musik di Universitas Holoway, itu dihadiri sekitar 70 penonton yang memenuhi?Windsor Building.


Pagelaran musik Sunda digelar kelompok musik gamelan Puloganti RHUL Sundanese Gamelan Ensemble yang anggota semua orang Inggris, mahasiswa dan mahasiswi dari Universitas Holloway dan City University.
Pada pagelaran degung Sunda tersebut, kelompok yang menamakan dirinya grup Sekar Enggal memainkan sekitar 12 lagu Sunda, antaralain Sampak Kembang, Landangan, Sunda Mekar, Lutung Bingung dan Nguyung.
Menurut Herry Sudradjat, apresiasi penonton sangat meriah, khususnya ketika kelompok tersebut memainkan lagu "Tokecang" yang memadukannya dengan angklung buncis.
Dalam pagelaran gamelan Dengung dan Salendro juga ditampilkan Sangkala, Senggot Pangemat, Sampak Kembang dan Sekar Manis.
Gamelan Sunda yang dimainkan oleh Kelompok Sekar Enggal merupakan gamelan yang dibeli Universitas Holloway empat tahun yang lalu.
Menurut Herry Sudradjat, dapat dikatakan bahwa di Inggris, Simon Cook adalah satu satunya yang sangat menguasai musik dari Parahyangan dan sangat fasih berbahasa Sunda.
Herry Sudradjat menyampaikan apresiasi kepada mereka yang telah tanpa pamrih ikut mempromosikan budaya Indonesia di Kerajaan Inggris.
Pagelaran ini memang seratus persen inisiatif mereka tanpa campur tangan dari KBRI.
"Saya salut dengan Kang Simon dan kawan kawan", ujarnya.
Simon Cook yang menjadi direktur musik mulai mempelajari musik gamelan Jawa di Belanda tahun 1979 pernah menetap di Indonesia selama 12 tahun, dengan mengkhususkan diri mempelajari musik traditional Sunda sejak 1999 serta mengajarkan gamelan di RHUL dan musik di ACS Egham International School .

Read More......

17 Februari, 2009

Carpon

Carpon atawa carita pondok nyaéta karangan rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna (bentuknya) pondok. Galur caritana relatif basajan (sederhana) lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur (berpusat) kana hiji kajadian utama atawa mangrupa hiji “episodeu”. Palakuna ogé ukur (hanya) dua tilu urang. Kulantaran kitu carita pondok ukuran caritana ogé pondok.
Saupama dibandingkeun jeung novel, carita pondok condong kurang kompleks dibandingkeun jeung novel. Carita pondok biasana museurkeun perhatian dina hiji kajadian, miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur ngawengku jangka waktu anu singget
Dibandingkeun jeung dongéng, carita pondok téh aya sasaruaana (ada kesamaanya). boh dongéng boh carita pondok pada-pada (sama-sama) carita anu pondok. Ngan baé (hanya saja) lamun (kalau) dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (tidak masuk akal) lamun dina carita pondok mah hal nu saperti kitu téh umumna euweuh (tidak ada). Tegesna eusi carita pondok mah kaharti ku kal. Palaku, jalan carita tempat jeung waktu kajadianna diréka lir (seperti) enya-enya (benar-benar) kajadian. Gelarna (waktu munculnya) deuih anu béda téh, dongéng mah mangrpakeun sastra Sunda buhun (sastra Sunda lama) sedengkeun ari carpon mah kaasup kana sastra Sunda modern. Dongéng cara nyebarna ku lisan ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongéng henteu (tidak) kasebut ngaran anu ngarangna (anonim) sedengkeun ari carpon mah kanyahoan saha anu ngarangna jeung biasana sok dituliskeun.
Aya sababaraha unsur dina carita pondok diantarana:
1. Téma
2. Palaku
3. Plot/ galur carita
4. Témpat jeung waktu kajadian carita
5. Sawangana (pandangan) pangarang (point of view)
6. Amanat

Read More......

18 Desember, 2008

MP3 Sunda

MP3Sunda anyar:
1. Yatim Piatu - Kustian
2. Budak Saha _Wina

Read More......

17 Desember, 2008

Tutorial Aksara Sunda

Aksara Sunda geus diajarkeun di sakola-sakola ti mimiti cara nulis jeung macana. Sabada Aksara Sunda geus kaasup kana standarisasi unicode, ayeuna mah urang bisa ngetikeun Aksara Sunda kana Microsoft Office (word atawa PowerPoint), lian ti eta bisa di gunakeun deui dina program-program laina (Photoshop, Corel, jsb). Aya bangbaluh pikeun guru basa Sunda nu aya di daerah, ku sabab kurangna sosialisasi ngeunaan cara nulis aksara Sunda atawa cara ngetikeun kana wangun Microsoft Office dina nyieun soal atawa keur presentasi, jeung hésé meunangkeun aksara (font) keur nginstalkeun kana komputer. Hal ieu ngajurung kuring pikeun nyadiakeun font Aksara Sunda anu tiasa di download, sarta nulis tutorial singget ngeunaan cara ngistalkeun aksara Sunda kana Komputer. Sabenerna mah ngeunaan aksara Sunda teh geus loba ditulis di blog atawa web liana (wikipedia atawa jamparing syites.net, dadan sutisna). tah ieu mah itung-itung keur nambah referensi ceuk basa gaulna mah. Ka nu tos tiasa, punten sanes mapatahan hiber ka entog eh mapatahan hiber ka heulang... Urang kawitan wae ah:

1. Lamun can aya font Aksara Sunda, mangga unduh (download) di dieu.

2. Buka contol panel di komputer, tuluy pilih bagian font.

3. Copy aksara Sunda anu tos diunduh

4. Paste kana bagian font nu aya di control panel

5. Tah ayeuna kantun buka Microsoft Word, Pilari font aksara Sunda. Teras langsung waé ngetik aksara Sunda. Gampil pisannya.


Read More......

28 November, 2008

Wayang Golék

Réa anu boga sangkaan yén wayang téh asalna ti nagri India. Sok padahal, nurutkeun R. Gunawan Djajakusumah dina bukuna Pengenalan Wayang Golek Purwa di Jawa Barat, éta hal téh teu bener. Ceuk R. Gunawan, wayang mangrupa kabudayaan asli Indonésia(hususna di Pulo Jawa).

Kecap “wayang” anu asalna tina “Wad an Hyang”, hartina “karuhun”. Tapi aya ogé anu boga pamanggih yén kecap wayang téh asalna tina kecap “bayangan”. Ari pamanggih anu nyebutkeun yén wayang asalna ti India bisa jadi lantaran caritana nyokot tina carita Ramayana jeung Mahabrata (asalna tina Kitab Suci Hindu). Ngan satuluyna éta carita-carita téh dirobah jeung dipapantes diluyukeun jeung kabudayaan di Jawa.
Di Jawa Barat seni wayang dingaranan “Wayang Golék”. Hartina, mintonkeun seni wayang ku ngagunakeun bonéka anu dijieunna tina kai méh nyarupaan beungeut jeung awak manusa gambaran wayang. Aya opat rupa tangtungan/keureutan (figur) dina wayang golék, nyaéta: tangtungan Rahwana (golékna maké makuta kalawan modél sekar kluwih jeung ukiranana mirupa ukiran jaman Karajaan Pajajaran jeung Mataram, kalawan turunanana Suyudana jeung Dursasana), keureutan Arjuna (ngagambarkeun tangtungan pajoang sajati anu kasép tur gagah—bajuna maké supit urang—saangkatanana saperti Bima jeung Gatotkaca), keureutan Garuda Mungkur (dijieun beungeut garuda anu létahna ngelél), keureutan Binéka Sari (saperti tangkal camara disusun ka luhur kawas Wayang Kresna, Baladewa, Arimbi, Rama, jeung Indra) keureutan Kuluk, asésoris bajuna maka gambar garuda atawa sumping kawas anu kapanggih dina wayang Batara Guru, Karna, jeung Kumbakarna. Éta keureutan-keureutan wayang téh dijieun maké ugeran anu dumasar kaa seni bakatna sorangan (dumasar kahayang masing-masing). Anu sok ngajieunan wayang ayeuna kapanggih di wewengkon Bogo (Selacau-Batujajar), jeung Cibiru-Bandung.
Bagian-Bagian seni wayang golék ngawengku: Dalang (anu ngigelkeun golék dumasar caritana), golék (jumlahna ratusan), nayaga (grup atawa jelema anu nabeuh gamelan, kendang, goong, rebab), sindén, jeung juru alok. Éta kabéh unsur téh gumulung ngajadi hiji anu teu bisa dipisahkeun. Unsur nu hiji jeung nu séjénna silihdeudeul luyu jeung wirahma katut jalan caritana.
Pagelaran wayang golék biasana dilaksanakeun dina acara hajat kawinan atawa nyunatan, Agustusan, atawa lantaran aya tujuan nu tangtu anu sok disebut ngaruwat. Waktuna biasana sapeuting jeput atawa ukur sababaraha jam waé. Eusi caritana aya nu nyekel prinsip galur (nyokot gembleng tina carita Ramayana atawa Mahabrata) aya ogé anu ngagunakeun prinsip sempalan (nyokot bagian-bagian anu sakirana ngirut nu lalajo, saperti perang tanding, jeung bobodoran).
Pagelaran wayang anu ngagunakeun prinsip galur waktuna sapeuting jeput, sedengkeun anu sempalan biasana ukur sajam nepi ka dua jam. Komo deui mun pagelaranana ngaliwatan média televisi anu jam tayangna kawatesanan, bisa jadi ukur 45 menit. Dina kaayaan masarakat anu teu weléh riweuh ku pagawéan, pagelaran wayang anu singget padi padet tur euyeub ku guguyon bakal leuwih dipikaresep batan anu ngagunakeun prinsip galur—anu bisa nepi ka bedug subuh. Keur masarakat ti entragan kolot jeung gugon kana prinsip galur wayang, sigana bakal leuwih resep jalan carita aslina najan geus ngabandungan sababaraha kali. Tapi keur entragan ngora anu hanaang ku hiburan sarwa énténg, carita-carita sempalan bakal leuwih dipikaresep.
Sabaraha jumlah tokoh wayang atawa jumlah bonéka wayangna? Jawabanana, ceuk R. Gunawan Djajakusumah aya 623 tokoh wayang anu henteu kabéh kapidangkeun dina hiji pagelaran.
Nurutkeun panitén kuring (rédaksi), dina hiji pagelaran biasana mintonkeun antara 20 nepi ka 30 bonéka wayang tur anu mindeng midang nyaéta keureutan-keureutan anu geusd dipikawanoh ku masarakat, saperti Arjuna, Pandawa Lima husuna, “Si Cépot”, Gatotkaca, Bima, Rahwana, jeung komplotan Pasukan Kurawa.
Jumlah dalang anu kacatet nepi ka taun 2002 jumlahna teu leuwih ti saratusan. Ari anu geus dipikawanoh ku masarakat di antarana Asép Sunarya, Adé Sunarya, jeung Dédé Amung. Dalang-dalang anu ditataan bieu boga kamampuh ngigelkeun wayang anu hadé, medar lalakon kalawan tapis, jeung guguyon-guguyonna pikaresepeun nu lalajo.

Read More......

Kuda Renggong

Kuda Rénggong atawa Kuda Dépok nyaéta salahsahiji jenis kasenian hélaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka, jeung Karawang. Cara magelarkeunana nyaéta, kuda dihias rupa-rupa warna, budak sunat ditaékkeun kana tonggong éta kuda. Budak sunat anu ditaékkeun kana kuda téh leuwih ti heula geus dihias kawas raja, bisa ogé niru pakéan para dalem jaman baheula, maké bendo, takwa, tur maké selop.


Di hareupeun rombongan Kuda Rénggong aya saurang Palatuk, nyaéta saurang pamaén Kuda Rénggong, anu gawéna jadi panuduh jalan jeung pamingpin éta iring-iringan.
Tatabeuhanana mangrupa kendang gedé, goong, tarompét, genjring, atawa terbang gedé atawa bedug, malahan dibarengan ogé ku sindén katut sababaraha panari lalaki jeung awéwé. Éta arakan-arakan téh nuturkeun pituduh anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda rénggong ucad-aced kawas anu nari, lantaran geus dilatih jeung geus biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana luyu jeung musik anu ditabeuh. Mun musikna anca, éta kuda ogé gerakanana anca. Kitu deui mun musikna cepet, éta Kuda Rénggong ogé bakal ngagerakkeun awakna kalawan cepet.
Gerakanana, lian ti sukuna anu ucad-aced, huluna ogé milu unggut-unggutan. Di hareupeun atawa gigireun Kuda Rénggong aya sababaraha panari, boh ti rombongan Kuda Rénggong boh ti nu lalajo atawa baraya ti nu boga hajat. Maranéhna kalawan pinuh kabungah milu ngibing atawa nari sabisana. Nya hal ieu pisan anu nambahan raména pagelaran Kuda Rénggong téh.
Baheula, miara Kuda Rénggong téh kacida diutamakeunana. Lian ti dibéré nyatu jukut jeung onggok, ogé dibéré madu, susu, jeung endog. Bulu dina beuheungna ogé dipiara kalawan hadé, diuntun maké pita tur dipasangan rurumbé anu hurung-hérang malar katempona leuwih payus.***

Read More......

Sisingaan

Sisingaan téh salah sahiji jenis kasenian tradisional atawa seni pagelaran rakyat anu dilakukeun ku arak-arakan dina bentuk hélaran. Pagelaranana bisa dipintonkeun dina acara nyunatan, kagiatan HUT Kamerdékaan RI, jeung kagiatan hari-hari besar séjénna.

Dina seni sisingaan aya unsur-unsur saperti: seni tari, olahraga (penca silat jeung jaipongan), seni karawitan, seni sastra, jeung busana. Kabéh unsur gumulung tur silihdeudeul ngawangun hiji tari jeung lagu anu mindeng ditambahan ku gerak akrobat anu ngawangun formasi kawas standen.

Alat-alat anu digunakeun dina pagelaranana ngawengku: gotongan sisingaan, tarompét, ketuk, kempul, goong, jeung kecrék. Pakéan pamaénna ngagunakeun pakéan adat Sunda saperti calana kamprét, iket, beubeur, baju takwa, jeung maké sapatu “kelenci”. Ari anu numpakan sisingaanana biasana budak sunat anu maké pakéan sunatan.
Sacara étimologis, sisingaan asal kecapna tina “singa”, nyaéta wangun gotongan anu mirupa singa. Ku naon kudu bentuk singa? Béjana, singa téh sato anu ngalambangkeun kagagahan, kawani, jeung kakuatan.

Ceuk katerangan ahli seni (seniman), seni sisingaan munggaran gelar dina taun 1957 di Désa Cihérang, kira 5 kilométer béh kiduleun Kota Subang. Tuluy mekar ka wewengkon Cigadung jeung wewengkon séjénna di sabudeureun Kota Subang. Tokoh-tokoh anu boga jasa nepi ka kasenian Sisingaan kawentar téh di antarana Ki Demang Ama Bintang, Ki Rumsi, Lurah Jani, Mama Narasoma, jeung Ki Alhawi.

Nepi ka ayeuna, kasenian sisingaan geus mekar pisan tur kacatet aya kira 165 grup kalawan jumlah senimanna 2.695 seniman. Kamekaranana tétéla henteu ngan ukur di wewengkon Subang, tapi geus nerekab ka wewengkon Kabupatén Bandung jeung Sumedang.
Ku lantaran kamekarana siga kitu, keur ngamumulé ieu seni, Pamaréntah Kabupatén Subang teu weléh ngayakeun féstival sacara maneuh jeung mromosikeun ka tingkat propinsi jeung nasional, pangpangna di kalangan pamaréntah jeung dunya bisnis.

Sumber www.Jabar.go.id

Read More......
Template by : kendhin x-template.blogspot.com